Muqaddimah Khutbah Sunda

0
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah. Ngalangkungan khutbah awal anu kalawan ringkeus ieu
Ari sadaya puji eta tetep kagungan Allah swt, anu parantos mafarin taufek kaurang sadaya piken ngalakonan kana pangutamina pirang-pirang ibadah, sareng merenahkeun ka urang sadaya kana tata cara usaha anu pangsampurna-sampurna kabagjaan. Sim abdi nyaksian kana yen saestuna teu aya deui pangeran anu hak disembah anging gusti Allah, bari sahiji Dzatna teu aya anu ngarencangan kamanteNa anu ngurus pirang-pirang bumi sareng pirang-pirang langit, sareng sim abdi nyaksian kana yen saestunya kanjeng Nabi Muhammad saw. eta hambana Allah sareng RasulNa anu dikuatan kalawan pirang-pirang ayat sareng pirang-pirang mu’jizat. Mugia Allah maparin rahmat ka kanjeng Nabi Muhammad saw. ka kulawargina para sahabatna kalawan ngitung-ngitung gunta-gantina pirang2 waktu sareng pirang-pirang saat.

Saparantosna ngaoskeun basmalah, hamdalah shalawat miwah salam ka kanjeng Rolulullah saw. kawajiban anu janten khatib ngawasiatan khususna kanggo diri khatib umumna kanggo hadirin sadayana, kalawan wasiat taqwa, mangga urang sami-sami ningkatkeun kana kataqwaan, sabab taqwa hiji-hijina jalan kanggo kahontal kabahagiaan dunia sareng akherat.

Tina sapalih ajaran taqwa Allah swt nguningakeun sabagian sifat-sifat jalmi takwa anu kaunggel dina surat ad-dariyat ayat 15-19.

Hartosna : saestuna jalma2 taqwa eta aya dina pirang2 patamanan surga sareng pirang2 sumber cai. Bari maranehna nyokot kani’matan anu dipaparinkeun ku pangerana, saenyana maranehna dina samemeh eta nyaeta dialam dunia kaasup jalma-jalma anu nyieun kahadean. nyaeta nyaetikeun kana sare dina waktu peuting, sareng dina waktu tungtung peting maranehna menta pangampura sareng dina harta-hartana aya hak jalma miskin anu menta sareng jalma miskin anu teu menang bagian.
Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Ari Jalma2 taqwa dina poe kiamah bakal nempatan taman-taman surga sareng pirang2 mata air, kumaha kaayanana :

Tidak ada komentar

Posting Komentar

© all rights reserved
made with by templateszoo